Sony Xperia M5 - Widget

background image

Widget

Widget nyaeta aplikasi leutik nu bisa Anjeun pake sacara langsung dina di Layar Utama.

Widget oge gaduh pungsi minangka potong kompas. Contona, widget Cuaca ngidinan

anjeun nempo inpormasi cuaca dasar langsung di Layar Utama anjeun. Tapi upami

anjeun ngetok widget, aplikasi Cuaca lengkep kabuka. Anjeun bisa ngundeur widget

sejenna ti Play Store™.

Pikeun nambah widget ka layar Utama

1

Toel jeung tahan wewengkon kosong dina Layar Utama Anjeun nepi ka alat eta

ngageter, teras ketok

Widget.

2

Panggihan tur ketok widget nu Anjeun hoyong tambah.

Pikeun ngaganti ukuran widget

1

Toel jeung tahan widget nepi ka kapilih, teras leupaskeun widgetna. Lamun widget

bisa diganti ukurana, contona, widget Almenak, pigura nu disorot jeung titik ngatur

ukuran bakal ditembongkeun.

2

Sered titik-titik eta ka jero atawa ka luar pikeun ngaleutikan atawa ngagedean

widget eta.

3

Pikeun mastikeun ukuran anyar widget eta, ketok di mana wae dina Layar Utama.

Pikeun mindahkeun widget

Toel jeung tahan widget nepi ka kapilih, teras sered ka lokasi anyar.

Cara mupus widget

Toel jeung tahan widget nepi ka alat ngageter, teras sered ka

Pupus dina layar

Utama.